Anaking…
Bismillah ngayuga lampah,
Anaking...
Balukar jangar neunggar kahayang
Balukar sasar medar rumingkang
Sing jembar sabar
Tong jadi cawérang ihtiar…
Kalangkang beurang sok ngolo
Hariring peuting sok ngadodoho
Raksa rasa ukir pikir
Mun gering tong rungsing
Mun cageur tong badeur
Sujud mun pareng dipinding
Sukur mun pareng dipondong
Kalakuan ceurik jadi jalma leutik
Kalakuan songong abong di gedong
Séjén batur, kabeh ge dulur
Neang halal, awurkeun amal
Kalakuan lieur ku madu dunya
dumeh perlaya moal sulaya…
08 Juni 2011
Posts by : Admin
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Curug Malela... Niagara from Bandung
Curug Malela , Niagara Mini From Bandung Slideshow: PreeSella’s trip to Bandung, Jawa, Indonesia was created by TripAdvisor. See another Bandung slideshow. Take your travel photos and make a slideshow for free.
0 komentar:
Posting Komentar