oleh P-reeSella Iskhandar pada 16 Desember 2009
keuclakna cai ibun disareungan ku angin janari,
nambihan waasna sawangan anu ngawang-ngawang,
kadeudeuh maneh pageuh kaasih mata na ati,
gupay kanyaah mun kanggo anjeun salira,
duh panutan,,,,
bulan anu nyaangan bentang anu baranang,
lir anu meulahkeun sawangan urang,
kanggo naratas jalan kabahagiaan,
anu seeur ku kaheman di sareungan ku kasatiaan,
duh panutan,,,,,,,,
sanaos waktos anu lami,
sanaos jarak anu teubih,
nanging kaasih sareung kanyaah lir anu hamo bisa misahkeun urang,
kanggo ngabuktoskeun kaasih ati
duh panutan,,,,,,,
iraha atuh anjeun mulang bari nyandak kaheman,
kalayan kasatiaan anu teu keundat diantosan kalayan kukasabaran,
duh panutan ati,,,,,,,,,,,,,
tibeulatna ieu manah hoyng geura ngabuktoskeun kanyaah,
kasalira nu teubih, nu teu keundat dianti,,,,
duh panutan ati,,,,,,,,
mun salira nu teu keundat dipikaheman sareung dipikameulang,
tibelatna ieu ati teu keundat tibeulat
sumber