Dina lambaran lalakon, aya katineung nu manteng...diri katalembang...
Dina lambaran katresna, aya ringkang can ka sorang...diri ka pidangdung...
Di papareng ku ciptaan , liwung gumulung kaheman...
Mugia nyorang kabagjan...
Sumerahna ieu diri tumarima demi cinta...
Najan diri kudunan jalan tunggara...
Najan ukur saliwatan...
Najan ukur sakedapan...
Abdi pasrah moal robah pamadegan..
Sumerah na ieu diri, tumut takdir ti Hyang Widhi...
Najan diri kudu nandangan kanyeri...
Najan ukur saliwatan...
Najan ukur sakedapan...
Abdi nampi moal jadi gering ati...
Sanajan ngan sajorelat, angon tibelat...
Sanajan ngan saliwatan, abdi mah ikhlas

2 komentar:
Hatur Nuhun Lirik na...
sami2....
Posting Komentar