14 Mei 2011

cinta mah moal lapur ku umur


Hanas diri bungah ati
nganti  jangji pasinina
harianeun pasini pegat di jalan,…duh geuning
balukarna tina asih malih warni jadi peurih
Impian biheung kasorang,…jungjunan
hariring ati nu kingkin….
Hanas diri dinyari-nyari
nganti panggih kapaut ati
harianeun anjeun, Jungjunan, meuntas leupas…
Duh geuning asih mah pinuh rusiah
mipit wiati ku hate nu lungse, Gusti
bagjakeun jungjunan ati
Goong  téh kaimpi  totos
duka naon balukarna
kajeun teu wawuh jeung dulur
kajeun anggang jeung baraya
tinimbang heunteu laksana
diri abdi jeung anjeunna,….geuning
badan iklas bibilasan….
Bagja kacipta, kasura tunggara
Duka naon rusiahna
Sawang kamelang malang kahayang
Nurih hariring kapeurih unggal peuting
Meusmeus ngejat meupeus munajat
Ngalanglayung satungtung can tipung
Naha atuh bet ngarasa laér
Asih mah moal lapur ku umur,
moal kungsi angkeub ku wanci


0 komentar:

Posting Komentar

papan iklan contak kami

Curug Malela... Niagara from Bandung

Curug Malela , Niagara Mini From Bandung Slideshow: PreeSella’s trip to Bandung, Jawa, Indonesia was created by TripAdvisor. See another Bandung slideshow. Take your travel photos and make a slideshow for free.

iklan berjalan ( kendaraan roda empat)

iklan berjalan ( kendaraan roda empat) kami mencari perusahaan telekomunikasi yang mau bekerja sama untuk pemasangan iklan berjalan pada kendaraan roda empat, untuk informasi lebih lanjut silahkan hubungi kami di 0813.8082.2272. kami berlokasi di Jakarta Pusat..